Lembur Kakasih

作词:Nanos

作曲:Nanos

所属专辑:Pop Sunda, Vol. 6

歌词

@migu music@

Lembur Kakasih - Darso (Asep Darso)

Lyrics by:NANO.S

Composed by:NANO.S

Tuh péngkolan anu

Bras ka jalan gedé

Nu mawa guligah haté

Tuh cirina tangkal

Anu ngarandakah

Nu linduh tempat bumetah

Tuh lemburna

Kahalang sawah jeung pasir

Nu mawa sérédet geter

Tuh walungan nu bersih

Herang caina

Sawening rasa cintana

Di dinya gelarna

Cinta munggaran

Di dinya harepan

Mekar kembangan

Éndah panineungan

Teu kasilih pédah pisah

Tumapel teu ilang-ilang

Némbongan satiap waktu

Duriat manjang

Ka kangen manteng

Lembur téh lemah kakasih

Pangancikan pangbalikan

Welas haté wening bersih

Tuh péngkolan anu

Bras ka jalan gedé

Nu mawa guligah haté

Tuh cirina tangkal

Anu ngarandakah

Nu linduh tempat bumetah

Tuh lemburna

Kahalang sawah jeung pasir

Nu mawa sérédet geter

Tuh walungan nu bersih

Herang caina

Sawening rasa cintana

Di dinya gelarna

Cinta munggaran

Di dinya harepan

Mekar kembangan

Éndah panineungan

Teu kasilih pédah pisah

Tumapel teu ilang-ilang

Némbongan satiap waktu

Duriat manjang

Ka kangen manteng

Lembur téh lemah kakasih

Pangancikan pangbalikan

Welas haté wening bersih

Duriat manjang

Ka kangen manteng

Lembur téh lemah kakasih

Pangancikan pangbalikan

Welas haté wening bersih

展开