Duriat Pegat

作词:Oon B

作曲:Oon B

所属专辑:Pop Sunda

歌词

@migu music@

Duriat Pegat - Detty Kurnia

Lyrics by:Oon.B

Composed by:Oon.B

Bumi nu anjeun

Langit nu anjeun

Sapangeusi alam dunya

Mungguh kersaning

Anjeun

Tur sagala mahluk

Kalebet urang sadaya

Teu aya nu jadi kajaba

Eta kagungan anjeun

Jodo nu anjeun

Pati nu anjeun

Susah senang lara bagja

Gumantung kana kodrat

Kitu deui jodo urang

Kapan kahayang mah manjang

Buktina geuning papegat

Najan kabeungkeut duriat

Ya Allah mugia

Abdi sing kiat

Dina nampi ieu kodrat

Panginten ieu tos gurat

Duriat kedah papegat

Abdi pasrah hamo nolak

Ya Allah

Abdi panceg kayakinan

Salira nu Maha Rohman

Tangtos aya kasaean

Sagedengeun kapeurihan

Ya Allah

Salira nu murbeng alam

Jodo nu anjeun

Pati nu anjeun

Susah senang lara bagja

Gumantung kana kodrat

Kitu deui jodo urang

Kapan kahayang mah manjang

Buktina geuning papegat

Najan kabeungkeut duriat

Ya Allah

Mugia abdi sing kiat

Dina nampi ieu kodrat

Panginten ieu tos gurat

Duriat kedah papegat

Abdi pasrah hamo nolak

Ya Allah

Abdi panceg kayakinan

Salira nu Maha Rohman

Tangtos aya kasaean

Sagedengeun kapeurihan

Ya Allah Salira

Nu murbeng alam

Ya Allah Salira

Nu murbeng alam

展开